Ini carita Waruga Guru, eta nu nyakrawati. Nu poek
angen tulus, ka kujaba din u bodo, nu tarabuka priyayi sakarep kasorang tineung
meunang guru.
Ratu Pusaka di jagat paramodita, eta, kanyahoan Ratu galuh, keurna bijil ti alam gaib, nya Nabi Adam ti heula.
Ratu Galuh dienggonkeun sasaka alam dunya. Basana
turun ti langit masuhur, turun ka langit jambalulah, turun ka langit mutiyara,
turun ka langit purasani, turun kalangit inten, turun ka langit kancana, turun
ka langit putih, turun ka langit ireng, turun ka langit dunya.
Ja kalangan, tata lawas turun ka Gunung Jabalkap. Upami ratu Galuh dienggonkan sasaka alam dunya, Nabi Adam ti heula, pinareking Gunung Mesir. Adam di seuweu opat puluh, dwa nu sakembaran, munijah luluhur haji dewi; cikal, da hiji dingarankeun nabi Isis, luluhur manusa.
Nabi Isa diseuweu Kaliyanggin. / Kaliyanggin diseuweu
Malit. / Malit diseuweu Malam. / Malam diseuweu Mahur. / Mahur dseuweu Lamak./
Lamak diseuweu Nasar. / Nasar di seuweu basar. / Basar diseuweu nabi Enoh. /
Nabi Enoh diseuweu istri, putri Betari Sanglinglang. / Betari Sanglinglang
diseuweu Muladasadi. / Mulasadadi diseuwe Ratu babarbwana, arina karma Batari Logina.
/ Batari Logina diseuweu Gandulgantung.
Naha ari dingarankeun Ratu Gadulgantung ? / Karna tapa
di awang-awang. / Arina karma Betari Cipta Langgeng, siseuweu nya Ratu
Menengputih. Naha mana dingaranan Ratu Menengputih ? / Karna tapa dina haseup
bijil putih./ Arina karma Betari Ciptawisena, arina diseuweu Ratu Gandul
larang./ Naha ma dingaranakeun Gandullarang ? / Karna tapa dina bentang. Arina
karma ka Betari Mekubuya / Betari Mekubuya arina diseuweu Ratu Okanglarang. /
Naha mana dingarankeun Ratu Okanglarang ? / Karna tapa dina bulan. / Arina
karma ka Betari Mekuhurip. Betari Mekuhurip arina diseuweu Ratu Siar./ Naha
mana dingarankeun Ratu Siar ? / Karna tapa dina jero banyu.
Arina karma ka Betari Medangtasa. Arina diseweu Ratu
Komara. / Ratu Komara arina karma ka Betari Lengisjati / Betari Lengisjati
arina diseuweu Ratu Pucukputih./ Naha dingarankeun Ratu Pucukputih?
Kerna tapa di jero langit putih nu leuwih. / Arina
krama ka Betari Panggungkancana, arina diseuweu Baginda Premana.
Arina karma Maraja Lengjagat, arina diboga seuweu
jumeneng ratu Tajapura Puterjagat./ Ditibanan ci banyu eluh / Diraga-raga ci
banyu eluh. Kacarita Waruga Guru jumeneng nyakrawati, katurunan caya eluh,
turun Gunung Rajanna, jumeneng ratu Rajanna.
****
Mangka Caritakeun deui Nabi Adam. Diogan sareyat.
Lalampahan eukeur bingung, mitetekeun srangenge, hukumna sakur nu usik
dihalalkeun, alamna lima riwu tahun, cengkal kayu ka patbelas ratus.
Kasalinan deui ku nabi Enoh, alamna dalapan ratus
tahun, cengkal kayu salapan ratus cengkal panjangna, hukuna sakur nu paeh ku
maneh diharamkeun, balana saeusina.
Kasalinan deui ku Nabi Isis, diboga kitab tanpa karana./ Caritakeun deui Ratu Rajaputra puterjagat.
Nabi Enoh mireungeuh Nagara Selong padagang dalapan./ Mangka nurut Baginda Premana sabalana kabeh. Ratu Rajaputra Puterjagat nu ranuhan hanteu milu, kudu-kudu karsa dahar babatang./ Mangka kahatur karamana./ Mangka bendu ramana. Eta oge rek dipupusan./ Maka dicekel ku Adam Daur./ Mangka kabireungeuh ku nyai aisna, ku ratu dewi Astra. Mangka dibelakeun jalma sewu./ Tuluyna ka kahiyangan./ Lawasna tapan di kamulyaan, turun ngababakan./ Medang Kamulan sangara, nuboga dayeuh dingaranan Ratu Bawana./ Mangka Diprangan ku Adam Daur, kasedek ngidul ka Pulo Panamor./ Mangka silih balang ku siwalan, turunna ka dayeuh, mana dingarankeun Bagelen.
Caritakeun deui putrana ratu Mesir na putri geulis Raminihalul, nu jung dina bulan Anggarkasih./ Unggalna ka papanggungan nengcengna patanggalan. / Rek dibeubeureungeuh ka tebeh kidul, behna pameget./ “Rampes, ta inya.”/ Tuluy hatir ka ramana, “Rama, kawula dek karma na ais bawa satapa.” /
Tuluy dibawa ku Darmasiksa. / Tuluy angkat deungna kai
ais dijenengkeun Ahmad Musapir./ Tuluy ka nagara Medang Kamulan; kadaharanan
Sri. / Mana aya Sri di Nusa Jawa : / Tuluy karma raka ka pada raka, rai ka pada
rai. / Tuluy pinuh Medangkamulan, dieusi ku dua riwu./ Mangka karsa mindah
dayeuh ka Gunung Kidul./ Mangka diwaris kuringna ku Darmasiksa, nu ti Mesir
sakuringna ka gustina, nu ti selong sakuringna ka gustina./ Saur ratu,
“Lalakina eta oge teu dbwaga waris, aya waris purba mana kuat ewe-ewena.”/
Mangka tuluy jadi nagara duwa kang raka deungeun kang rai.
***
Mangka caritakeun dei nabi Enoh./ Saurna nabi Adam,
“Nabi Enoh, teu yacan dasri sri; reya duradu, kudu bogoh ka papad lalaki, karsa
dahar babatang.” Saurna, “Nabi Adam, mugi–mugiya keuna bebendon deneng Allah.”
/ Mangkana pasti, dibawa unggah ka parahu Adam Nabi Enoh./ Dibawa unggah ka
parahu, manga bijil angina topan sapocoro ti sagara, mangka keueum alam dunya./
Urang Nusa Jawa rame eukeur nyieun gunung.
Saur Ratu Prewatasari jagat, “pikakeueumeun.”/ Manghka nyipta gunung sasipat langit, dingaranan Gunung Adraksa./ Mangka urang nusa Jawa dibawa unggah gunung ku Ratu Prewatasari./ Mangka urang Nusa Jawa unggah ka Sanghiyang Puncak Linggapayu./ Mangka lawas-lawas orot deui./ Man anus saat ti heula bojong rencang carengcang betan kembang lopang, mana dingaranan Bojonglopang./ Tuluy diturunan di babakan ku Darmasiksa./ Turunna ka dayeuh, mana aya imbanagara, dijenengkeun Ki Sipati Panaekan masihna ratu leungit di gunung./ Mangka unggah pulo kancana kumambang-kumambang, ditalian ku hoe ku rokro, dicangcang keun ka gunung, dingaranan Nusa Kambangan./ Manga katurunan wahiyu.
Saur nu Wenang, “Geura tapa di sompoking panon poe,
dinya pijadieun ratu.” / Meunang saur sakecap, tuluy angkat deui. / Saur Nu
Wenang, “Jajaga ka loka gumilang na tapa manana aya sawarga loka.” / Mangka
nerus bumi kahandap ka saragina.
Arina dibabar bawana, mana aya Bwanalarang. Tuluy tapa
dinya. / Meunang saur sakecap, mangka angkat deui ka luhur. Bijil ti gunung,
babar ti gasak, ti ngabulungbung jalanna, mana mana, dingaranan Pameungpeuk.
Tuluy tapa di Gunung Buligir putih, dibabar bawana, mana aya Bwanalamba./ Turun ka Gunung Dapang, murub muncar pakatonan di jagat paramodita, disujudan ku sajagat kabeh, salimahing bumi sakurebing langit./ Mangka bireungeuh ku Darmasiksa. / Tuluy diparanan ku Darmasiksa, jadi sastra duwa puluh./ Tuluy dibikeun ka dalem dayeuh./ Dihaturkeun deui ka putrana kabeh./ Mangka dibejakeun ka sabrang, ka nabi Enoh.
Saur Nabi Enoh, “Watek eta, Seh, lekab karagragan si
banyu eluh, mana jumeneng Ratu Galuh. “Mangka Seh Majuso dudukuh di Masigit
Wastu./ Maka Sang Ratu ngajenengkeun papatih opat anu natakeun sakabeh./
Dijenengkeun Adam Daur nu natakeun jalma kabeh ; dijenegkeun Dewa Guru nu
natakeun di jero dayeuh, Darmasiksa na natakeun di karataon, Empu Ganjali./
Mangka urang Nusa Jawa pada sujud ka gunung anteg dijieun pamujaan./ Mangka
katingalan ku malekat yen ruksak umatna kabeh, alamna sujud ka kayu ka batu.
Mangka dipanah gugutuk batu./ Tuluy rempu paburantak, turunna, mana aya
Kabuyutan./ Mangka sujud ka batullah.
***
Urang caritakeun deui aya nu tapa di Gunung Padang,
yen kawasa, dingaranan Ajar Sukaresi.
Mangka hatur ka Sang Ratu yen kawasa. / Saurna Sang
Ratu, “Ah, aing neang ka nu tapa.” / Mangke greuhana ditapokan mohana ku
kancah./ Saur Sang ratu, “Patih, haturkeun ka nu tapa, Sang ratu bareuh mohana,
kunaha ?.
Tuluy ku Kai Patih haturkeun kanu nu tapa./ Haturna
Kai Putih ka nu tapa, “Nuhun, kaula dipiwarang ku Sang ratu, sang Ratu beureuh
mohana, kunaha ?” / Saur nu tapa, “eta oge eukeur bobot Sang Ratu.”/ Kai Putih
tuluy pulang, hatur ka Sang ratu.
“Kumaha patih saur nu tapa?” / “Nuhun, Sang Ratu,
“Bohong nu tapa, pagah kawasa.”/ Arina diteang kancah teu aya, Sang ratu
ngandeg./ Datang ka bulanna, babar./ Dingaranan hariang Banga./
Lawas-lawas Sang ratu uwar ka sanagara yen sang ratu
eukeur boga seuweu. / Saur Sang Ratu, “Patih, hatur ka nu tapa, Sang Ratu
eukeur di boga deui seuweu.” / “Rampes,: carekna kai Patih./
Ari datang ka nu tapa tuluy hatur, carekna kai Patih,
“Kaula nuhun, dipiwarang ku Sang Ratu.”/ Saur nu tapa, “Dipiwarang naha, Kai
Patih ?’/ “Mangka Sang ratu bobot, naha ewe-ewe ta lalaki piseuweueunna na ?” /
Saur nu tapa, “Reya deui Sang ratu nu tapa, Kai Patih haturkeun ka Sang Ratu,
saur nu tapa piseuweunnana ewe-ewe.”/
Saur Sang Ratu, “Bohong nu tapa, eta oge kateh.”/
Arina diterang kateh teu aya./ Sang ratu tuluy ngandeg. / Ari lawas-lawas ka
bulanna, tuluy babar Sang Ratu./
Arina dibireungeuh istri seuweu Sang Ratu./ Caritakeun
deui reyana para putra./ Ratu Maraja lenggang seuweuna Ratu Ayub nu calik di
Nusa Kambangan./ Arina patutan nya Hariyang Banga turunan Ajar, pulang jiwa nu
ngasa di Sumade Kidul Balikna ka Majapait./ Patutan ti Ratu Prawata, eta seuweu
Prebu Gunung, Sang Raja Panji.
Patutan deui ti Ratu Maraja Dewi Angin Ratu
Pagedongan. / Ratu Maraja Dewi seuweuna Prebu Wiratmaka, Ratu Marajasakti./
Patutan ti Maraja Dewa Putra raba duwa welas nu nyarita tilu.
Mangka turun Ratu Komara ti swarga ngayuga dayeuh di
Bojong Cimandala wateun reujeung Cigagakjalu.
Mangka gering sanagara Galuh./ Saur Sang Ratu, kaula
rek hatur ka nu tapa, menta tamba gering.”/ Hatur Kai Patih, “Nuhun, kaula
dipiwarang ku Sang Ratu, menta tamba gering sanagara?”/ “Kaula nuhun Sang Ratu,
kaula rek hatur ka nu tapa, menta tamba gering sanagara,”/ Saur nu tapa,
“Rampes.” / Mangka ngala sagala tamba. / Tuluy dihaturkeun ka Kai Patih, “iyeu
tamba gering, haturkeun ka Sang Ratu, kami dek nuturkeun pandeuri.”/ “Kaula
amit”./ Saur nu tapa, “Pileuleuyan, Kai Patih” / “kaula nuhun, Sang Ratu, ieu
tamba gering sanagara tinu tapa.” / Tuluy di tampanan ku Sang Ratu./ Arina di
buka, beh reundeu. / Tuluy di dahar ku Sang Ratu, nyat waras sanagara Galuh.
Tuluy ka seba deui ka para mantra./ Lila lila tuluy
datang Kai Ajar./ Saur Sang Ratu, “Sukur temen Kai Ajar datang. Reundeu baan
saha?” / Saur Kai Ajar, “Nuhun, ku kaula; lawas-lawas ari cukul, kahatur keun
ka sampeyan.” / “Kai Ajar, ari kitu ngabakti keun sesa. “Mangka Sang Ratu
bendu. Saur Sang Ratu, Patih paehan Kai Ajar.”/ Mangka di cekel ku Kai Patih,
dibaan ka ranca Cibungur.
Saur Kai Ajar, “Kai Patih, haturkeun saur kami ka Sang Ratu, jajaga ari boga deui seuweu lalaki nya eta nu di paehan teh.”/ Tuluy di telasan. Ngalambangkeun beureum getihna di ranca Cibungur, mangka dingaranan Cibeureum.
Lawas-lawas Sang Ratu ngadeg. Datang ka bulanna,
lahir, arina dibireungeuh lalaki./ Mangka diasupkeun kana kandaga kancana
reujeung ending sahulu, duhung sapucuk. Tuluy dipalidkeun ka Cintaduy.
**
Caritakeun deui nini Berangantrang, Aki Berangantrang.
“Nini, hade temen impiyan aing, ngimpi kagugun turan manik kacaahan mirah” / “Aki, sugan saapan urang meunang kirim pianak-anakeun.”
Isuk-isuk los diteyang, ngagebur kandaga kancana
nyorang ka saapan. Tuluy di bawa ku ninina./ Ari dibuka, behna murangkalih,
endog disileung leumkeun, keris./ Tuluy diteundeunkeun murangkalih./ Tuluy
dirorok, dipangninggurkeun./ Lawas-lawas datang ka tegus cangcut./ Mangka
dibawa moyan ku na kai ayah.
Bwat ciung. / “Ayah, nahaeun eta?” / “Ngaranna ciung,
anaking.” / Bot indungna, bwat bapana, bwat anakna. Pur hiber bapana. / “Ayah,
ka mana eta arahna?” / “Piaraheunnana ka daleum dayeuh.”/ “Ah, ngaran aing
Ciung Manarah.”/ Endog tuluy disileungleumkeun. Tuluy megar, dingaranan
Singarat Taranjang.
Mangka rame di daleum dayeuh nu keur sawungan./ “Ayah,
aing mah hayang ngadukeun hayam aing.”/ “Mulah, anaking, bisi eleh marang.”/
Mengkena murangkalih hayam tuluy dikelek, duhung tuluy disungkelang. Tuluy
angkat, ditutur keun ku na ka ayah.
Datang ka Pagelaran, heran ningal urang pagelaran./ Katingali ku Patih Hariyang Banga, kahatur ka Sang Ratu./ Tuluy di saur ku jogan./ Saur Sang Ratu, “Ari eta seuweu saha?”/ “Kaula, nuhun anak kaula.”/ “Dipudut ku ngaing, Aki Belangantrang diperedikakeun sabawa kita”./ Tuluy mulang Aki Belangantrang bari nangis, melang ka kai seuweu.
Rek mireungeuh ka Sang Ratu, mireungeuh deui ka Patih
Hariyang Banga, tuluy mireungeuh ka sarirana ku anjeun./ Lila-lila eling
carita, hatur ka Sang Ratu, “Kaula anak andika.”/ Ngareungeuheun bangkeureuheun
miresep hatur sakitu. Lila-lila tuluy eling, Sang Ratu dipundut sungkelangna duhung./
Ari dibireungeuh sungkelangna duhung, beh pun Naga Lumenggung./ Saur Sang Ratu,
“Enmya hidep anaking.”/ Kahatur ka nyai ibuna./ Tuluy dirawu dipangku
diceungceurikan.
Saur Ciung Manarah, “Rama Ibu, kaula neda waris.”/
Saur Sang Ratu, “Enggeus beyakeun ku na kai lanceuk, ku Patih Hariyang Banga.”/
“Aya soteh kari panday domas kurang hiji, eta waris aing ka hidep.”/ Tuluy
disuhunkeun waris.
Sang Ratu tuluy dicalikkeun, dijajarkeun, deung na kai
lanceuk, deung Patih hariyang Banga dituluykeunna, jengan Patih Ciung Manarah
marentahkeun Nusa Tilu Puluh Tilu./ Alamna Ratu Galuh pitung ewu tahun.
Mangka Patih Ciung Manarah karasa nurunkeun panday
domas kurang hiji rek nyieun beusi./ Kabireungeuh ku Sang ratu, panujueun./
Tuluy dihaturkeun nyieun deui bale beusi./ Kabireungeuh, panujuen dihaturkeun./
Arina nyieun deui konjara wesi./ Arina dibireungeuh ku Sang ratu, panujueun,
dihaturkeun./ Saur Patih Ciung Manarah, “Henteu nyaho ta jerona, Rama”/ Tuluy
dilebetkeun ku Sang ratu./ “Hade,” saur Sang Ratu./ Jeprak di kancing ku Patih
Ciung Manarah, dijingjing ka paseban, diundangkeun ka sadadayeuh./ Teu dibere
cai, teu dibere sangu, dikemitan ku para seuweu./ Lawas-lawas saurna Patih
Ciung Manarah, “Sang Ratu lintuh lintuh keneh.”/ Horenganan dibalangan keupeul
ku Patih Hariyang Banga./ Mangka bendu Patih Ciung Manara, mesat hateup sirap,
dibalang kang raka./ Tuluy bendu ka sang raka./ Mangka konjara wesi rek
diirik./ Ku Patih Ciung Manarah direbut./ Ku Ratu pagedongan tuluy disusupkeun
ka Gunung Kelong.
Tuluy perang, mangka disedekkeun ngetan kang raka.
Datang ka Balangbangan, saur kang raka, “Rayi, urang eureun.” / “Raka, rampes.”
/ Tuluy eureun teoheun maja, tugna bhwah kalayar./ Dicandak ku na kai lanceuk./
“Rayi, iyeu bwah naeun?”/ “Iyeu bwah maja, Raka.”/ “Ngeunah didahar ?”/
“Ngeunah, raka.”/ Arina didahar pait./ “Majapait iyeu pingaraneun nagara.”
Disedekkeun deui ngulon kang rayi ku kang raka./
Datang Tajigbarat, saur kang rai, “Raka, urang eureun.”/ “Rayi, rampes.” /
Eureun teoheun paku tug bwahna. Dicandak ku na kai ais, “Raka, buah naeun
iyeu?. “Bwah paku jajat.”/ “Pakwan Pajajaran ieu ngaran.”
Mangka perang deui. Datang ka Taraban, mangka turun
Darmasiksa./ “Nya prerang, anaking.” Cipamali nerus gunung, teka nunjang ka
sagara halerang godong angsana, na kang raka di Candak ku kai mas dipidwah keun
ngulon.
Tuluy dikumpukeun ka Nagara Galuh ku Darmasiksa./
Konjara wesi diparanan ku Ratu Maraja sakti, dicipta tuluy lebur jadi cai,
turunna ka dayeuh, mana aya Kandangwesi.
Tuluy kumpul deui Nagara Galuh, pada marek ramana neda
idin. Mangka matur kang rayi, “Rayi ulang jumeneng ratu ti heula,”/ Saur Kang
Raka, “Suka aing jadi ratu ti heula, da aing kolotna anak putu, rayi ku aing
dikawulakeun mo jumeneng nyakrawati lamun teu ngumbara heula”.
****
Patih Hariyang Banga karsa murud ngetan, maan kuringna
satak sawe nitih Majapahit./ Puputra Prebu Mula./ Prebu Mula arina puputra
Prebu Terusbawa./ Terusbawa puputra Terus Bagawat.
Terus Bagawat puputra Prebut Terus Gumuling./ Prebu
Terus Gumuling puputra Prebu Mangoneng. Prebu Mangoneng puputra Prebu Terus
Bangbang. Terus Bangbang puputra Ki Gedeng Mesir./ Ke Gedeng mesir puputra Ki
Gedeng Jati./ Ki Gedeng Jati puputra Ratu Prewata./ Ratu Prewata puputra Ki Gedeng
Mayana./ Ki Gedeng Mayana puputra istri, dingarankeun Ratu Sarikem./ Ari karma
ka wong agung Batullah, dingaranakeun Seh Kures.
Kaselangna ku Ratu Pajang manyakit wawatuneun mejangan
budak bule pitambaeun./ Nimu Ki Gedeng Selang, putri dianggo, manyakit warasna.
Putri tuluy bobot./ Arina babar Ki Gedeng Kacung./ Ki Gedeng Kacung arina
puputra Ki Gedeng Surawul. Ki Gedeng Surawul arina puputra Pangeran Sedang
Karapay, puputra Sedang Kajenar./ Pangeran Sedang Kajenar puputra Pangeran
Sedang Kamuning./ Pangeran sedang Kamuning puputra Sutan./ Sutan arina puputra
Susunan./ Susunan arina puputra Susunan Mangkurat./ Susunan Mangkurat arina
puputra Pangeran Mangkunegara, kang rayi susunan puger, puputra Pangeran
Mangkunagara./ Pangerabn Mangkunagara puputra Pangeran Dipati.
Caritakeun deui Ciung Manarah, karsa rek murud
ngulon./ Mangka maan kuring panday domas kurang hiji nitih lemah Pajajaran./
Arina krama ka ratu Endong Kencana./ Arina puputra Darma Rehe. Darma Rehe arina
puputra Lutung Kasarung./ Lutung Kasarung arina puputra Prebu Lingga Hiyang./
Prebu Lingga Hiyang puputra Prebu Lingga Wesi./ Prebu Lingga Wesi arina puputra
Prebu Lingga Wastu./ Prebu Lingga Wastu puputra Sang Susuk Tunggal./ Sang Susuk
Tunggal arina puputra Prebu Mundingkawati./ Prebu Mundingkawati puputra Prebu
Anggalarang./ Prebu Anggalarang puputra Prebu Siliwangi, jumeneng nyakrawati
Pajajaran. – Cag (***)
Dari :
Lima Abad Sastra Sunda – Sebuah Antologi, Jilid I,
Wahyu Wibisana dkk. Geger Sunten,Bandung – 2000 – Disadur dari Poesaka Soenda,
No.9,1923).
http://balangantrang.blogspot.com/2010/04/carita-waruga-guru.html
Tidak ada komentar:
Posting Komentar