Kamis, 24 Mei 2012

Seuwaka Dharma


Ini kawih panyaraman/ Pikawiheun ubar keueung/ Ngarana pangwereg darma/ Hawakaneun sang sisya/ Nu huning sewakadarma.

Anaking mulah mo yat-yatna/ Reungeu sabda sang pandita/ Ingetkeun hayuwa lali/ Teher nging ngenak-ngenak rasa/ Ngarana ngapakeun tali

Ingetkeun na dasa sila/ Iseueuskeun na panca sakit/ Iyan ta ningkahkeun raga/ Mayahkeun sarira/ Ngalekaskeun suku tangan

Suku milang awak urang/ Lamun salah lengkah/ Eta matak urang papa/ Leungeun lamun salah cokot/ Eta matak urang papa/ Ceuli lamu salah denge/ Eta matak urang papa/ Panon lamun salah jeueung/ Eta matak urang papa/ Irung lamun salah ambeu/ Eta matak urang papa/ Sungut lamun salah hakan salah inum/  Manguni salah nu sabda/ Lamun sabda teutuhu/ Lamun lain sabda jati/ Lamuna hamo rahayu/ Lamun tiis bawana/ Eta nu disalahkeun/ Nu maka papa kalesa/ Sanyarah na angen-angen.

Sapamilang pengeusi raga/ Nu dipiawak sarira/ Eta nu matakak malalat/ Eta nu ngindit ngarampid/ Nu maanan kana kawah.

Lamun salah di kreti/ Hala hedap hala tineung/ Hiri dengki kasakalih/ Makeya neluh ngaracun/ Ngagunaan mijaheutan/ Sakara ning hedap dusta/ Mati-mating na wong sadu/ Ja barya hanteu dosa/ Sinengguh inyana dusta.
……..

Utun anaking sumangir/ Mulah mo yatna-yatna/ Anaking sewa sogata/ Ayeuna datang ka mangsa/ Ketepi ma sandi pati/ Datang ka salaka hurip/ Kajeueung kingkila/ Anggeus awas na kapramanaan/ Kadenge antag-antagan/ Kingkila buyut dek mangkat/ Nu dek ninggalkeun kahanan.

Dora sanggeus dibukakeun / Jalan anggeus dicaangan / Mulah sawah geuning bijil / Sora dora larangan / Samecat sanghyang atma / Sadeuri sanghyang hurip / Lungga sanghyang premana/Moksah aci wisesa/Maka ti sarira/Anggeus di ranti kurungan

Lunyay betan demas pindah/ Betan kunang-kunang leumpang/ Kadi kuwung-kuwung metu/ Betan panah ka luhur/ Betan sekar pamujaan/ Betan katumbiri jadi/ Kadi bulan ngagantaran/ Betan panonpoe sabijilna

Hanteu nu diheureuyanan/  Na musuh anggeus kalalar/ Kaliwat reya nu kawah/ Anggeus kaleumpangan/ Kapungkur batu kacakup/ Sang Yama tesa sumembah/ Nyeueung atma ngalalar/ Katon sakti di nyimbah wasa dora/ Kala magahan jalan kana kasorgaan.

Tuluy nyorang beunang nyayu/ Tajur pinang/ Kumara sinar hanjuang/ Sasipat mata handeuleum/ Salaput beuheung tatali kayu widuri/ Manyara deung kembang bulan/ Wera tumpang wera lancer/ Kembang soka kapuracata/ Kembang tere rane/ Jahe singungu hanoja/ Dilem padma putih/ Mendadaki kembang susun/ Kembang menur kembang bunga pala/ Dara puspa kembang puspa gading/ Malati kembang huru kajut/ Kembang dongdoman/ Kembang teleng bunga hireng/ Kasumba deung kapuracata/Deung kembang jaman katilu/ Ki saruni keling kembang cina janaraya

Geura salin papakeyan/ Panganggo yeuh boeh rampes/ Ragala boeh larang/ Disasarah pipinggir taluki renggi/ Rawito waya sinbur sinyaja/ Disebutkan jamar tali katela/ Dikeris rusa malela.

Beuteung reueus ku sakitu/ Bogoh ku nyeuseupan inya/ Nyeuseup sarining kembang/ Udana bangbara tunggul/ Seyahna bangbara kumbang/ Paktisori jaga ma di dewa/ Engang deung tiwwan/ Sireupeun deung teuweul kaak/ Seyahna ku sorana/ Sada haja-haja nu becet

Kapisarengseng kapicengceng/ Kapiroel kapigimba/ Kapicengcang kapibarung indung singgul/ Larina karasana/ Kasidi sabwana magawa hayu/ Sedahan marepehan ti kayanangan.

Lamun barta di tihang beusi/ Ditelar ku purasani/ Dipamikulan ku malela/ Dilayeusan teja putih/ Diwilahan tambaha sukla/ Dihateupan ku salaka/ Dituruban ku pirak kapas.

Dililinggaan ku manik/ Diukir ditiru kembang/ Mitumpang meru kacana/ Diukir dinanangankeun/ Kaluhur naga palayu/ Kateyoh naga puranteng/ Ditengah naga patengteng/ Merak ngigel dipuncakna/ Eunteup gawa until saka/ Dipiwastan demas kolot/ Disareyan ku panamar/ Dijeujeutan demas ngora/ Ditatapkan cundiga/ Dibalay kadi kapintas/ Dipipinggir rustalisan.

Anggeus uga kalambar/ Diuk dipalangka demas/ Saraga beunang ngalukis/ Dikasuran kamogiti/ Dikasangan boeh larang/ Kulambuna lungsir keling.

Nanggapan sada canang/ Sada gangsa tumpang kembang/ Sada kumbang tarawangsa ngeuik/ Sada titilaring bumi/ Sada tatabeuhan jawa/ Sada gobeng direksa calintuh di anjung/ Sada handaru kacapi langa/ Sada keruk sagung.

Beuteung bogoh ku sakitu/ Tapak sapu beres keneh/ Barentik marat nimurkeun/ Manah pupus ku tikukur/ Manah saar ku titiran/ Maryagat ku tapak jalak/ Dyawuran kembang ungra/ Misanak jati rupa/ Kalumbi lungsi dewangga/ Beunang nyulam ku haremas.

Anggeus salin papakeyan/ Rampes beunang babasahan/ Titip linyih huis damis/ Dadar lesang/ Haji pantes listuhayu/ Mahardika ngalagena/ Durgahena maragancayan

Anggeus mulih jati rupa/ Muliya teja madilah/ Kaminyar teu kapademan/ Sakitu eta byaktana/ Nu tuhu mangun hayu/ Laksana miguna tapa/ Nuturkeun saur nu tuhu/ Mapay sabda nu bisa/ Kena tutur kawastwanana.

Tembey datangna prabeda/ Nu ngagogoda bancana/ Datang pwah wedadara/ Deungeun pwah widadari.
...…

Anaking sanghyang atma/ Ulah tadi teuing eureun/ Sugan aya kamalinaan/ Sugan kabawa jeueung/ Sugan kabawa ku denge/ Tutur tutur aja lali/ Inget-inget haywa lupa/ Kena ku panyasarkeun/ Sanembal

sanghyang atma/Samapun teuteuleu amat/ Da ing can lamuning daek/ Ja nyaho inya naraka/ Ja ngagawa tresna keneh.

Nu nyarek henteu didenge/ Nu migi teu dipitineung/ Tonggoy kana pilaloan/ Mo lipi dina husireun/ Mawa na tineung sorangan/ Malikan katumbiri/ Malikan katumbiri/ Tuluy kana kuwung-kuwung/ Nyaleket di panonpoe/ Naglalar ka teja mentrang/ Nojerkeun batu pratiwi/ Ngarapet taraje demas.

Datang ka wekasina sabda kasuniya/ Lawan taya heuleut/ Beurang lawan wengi/ Datang ka bwah tingkah/ Eta kasorgaan/ Jawawuwa tingkah papa sangsaraan/ Liwat sadu undak ti inya/ Datang kana manarawang/ Katenjo para dewata/ Gunung Kendan Medang Menir/ Palungguhan para batara.

Di timur Batara Isora/ Kahyangan pirak putih/ Tihangna perak di ukir/ Bahana pirak sagala/ Dihateupan pirak cina/ Dituruban ku pirak/ Dililinggaan ku manik/ Disareyan pirak malaka/ Didingding ku pirak keling.

Imah manik dikarancang/ Warnanan ukir-ukiran/ Direka ditiru kembang/ Kahanan Hyang Isora/ Husireun nu ngawerati/ Dinya kasorgaanana

Ti kaler Batara Wisnu/ Kahyangan miru hireng/ Tihangna beusi diukir/ Bahana beusi sagala/ Dihateupan beusi cina/ Disarean ku malela/ Didingdingan ku beusi kuning/ Lilinggana beusi panamar/ Diukir bahana manik dikaranycang/ Warnana ukir-ukiran/ Diukir ditiru kembang/ Kahanan Batara Wisnu/ Husireun nu rampes twah/ Dinya kasorgaanana
….

Anaking sanghyang atma/ Manah cunduk mo dyajak/ Manah mo di undang/Nu tuhur teher laksana/ Teher herang tineung/ Manah cunduk kana panuhun/ Manah datang kana tangkal/ Manah nepi kana jati/ Manah deukeut kana anggeus/Datang ka ambu ka ayah.

Suka tanpa balik duka/ Wareg tanpa balik lapar/ Hurup tanpa balik pati/ Sorga tanpa balik papa/ Hayu tanpa balik hala/ Nohan tanpa balig wogan/ Moksa leupas tanpa balik wulan

Twatwag ka jati niskala/ Luput ti para dewata/ Leupas ti sanghyang/ Tan hana kara/ Lenyep anyara cintya/ Kena rampes tanpa denge/ Kena suwung tanpa wastu/ Ka nu lengis tanpa kahanan/ Deung alitan/ Hanteu pati dipiganal/ Hanteu kasampak di luput/ Hanteu pabaur/ Hanteu dingeunah dicandu teka/ Hanteu barayana hanteu deungeun/ Sarwa tunggal wisesa

Nu maca inya/ Ulah dipipanaswasan/ Reungeukeun teher rasakeun/ Picarek teher turutan pun/ Atma milang sinurat ring merega/ Paying beunang numpi/ Di Gunung Kumbang pun/ Barur Ni Teja Putu Bancana/ Tilas sandi ti Jenggi/ Pangwedar beunang buyut Ni Darwit pun

Sangakwakwana mahala ka ing/ Lempurang dening sasaur/ Uraceuk loter/ Kadinya lacakeun yuyu cina/ Carita bisi kurang wuhana/ Leuwih longana

Lamun batri sasanga mancal luhur ma/ Ya tanpa milih tan sinungan pun/ Sambat aing nama Siwaya/ Da ngemis gamut wirahana pati/ Pantang panting sarasoti/ Nanu hamas haba jaja pun/ Kuta Wawatan, Cag (***)

Dari : Wahyu Wibisana, Buku Lima abad Sastra Sunda, Sebuah Antologi, Jilid I - Juni 2000, Saleh Sanasasmita dkk, Sewaka Darma – 1987
 http://balangantrang.blogspot.com/2010/04/seuwaka-dharma.html

Tidak ada komentar:

Posting Komentar