Carita Pantun Ngahiangna Pajajaran
Pun, sapun kula jurungkeun
Mukakeun turub mandepun
Nyampeur nu dihandeuleumkeun
Teundeun poho nu baréto
Nu mangkuk di saung butut
Ukireun dina lalangit
Tataheun di jero iga!
Saur Prabu Siliwangi ka balad
Pajajaran anu milu mundur dina sateuacana ngahiang:
“Lalakon urang ngan nepi ka poé ieu, najan dia kabéhan ka ngaing pada
satia! Tapi ngaing henteu meunang mawa dia pipilueun, ngilu hirup jadi
balangsak, ngilu rudin bari lapar. Dia mudu marilih, pikeun hirup ka hareupna,
supaya engké jagana, jembar senang sugih mukti, bisa ngadegkeun deui Pajajaran!
Lain Pajajaran nu kiwari, tapi Pajajaran anu anyar, nu ngadegna digeuingkeun ku
obah jaman! Pilih! ngaing moal ngahalang-halang. Sabab pikeun ngaing, hanteu
pantes jadi Raja, anu somah sakabéhna, lapar baé jeung balangsak.”
Daréngékeun! Nu dék tetep ngilu
jeung ngaing, geura misah ka beulah kidul! Anu hayang balik deui ka dayeuh nu
ditinggalkeun, geura misah ka beulah kalér! Anu dék kumawula ka nu keur jaya,
geura misah ka beulah wétan! Anu moal milu ka saha-saha, geura misah ka beulah
kulon!
Daréngékeun! Dia nu di beulah wétan,
masing nyaraho: Kajayaan milu jeung dia! Nya turunan dia nu engkéna bakal
maréntah ka dulur jeung ka batur. Tapi masing nyaraho, arinyana bakal
kamalinaan. Engkéna bakal aya babalesna. Jig geura narindak!
Dia nu di beulah kulon! Papay ku dia
lacak Ki Santang! Sabab engkéna, turunan dia jadi panggeuing ka dulur jeung ka
batur. Ka batur urut salembur, ka dulur anu nyorang saayunan ka sakabéh nu
rancagé di haténa. Engké jaga, mun tengah peuting, ti gunung Halimun kadéngé
sora tutunggulan, tah éta tandana; saturunan dia disambat ku nu dék kawin di
Lebak Cawéné. Ulah sina talangké, sabab talaga bakal bedah! Jig geura narindak!
Tapi ulah ngalieuk ka tukang!
Dia nu marisah ka beulah kalér,
daréngékeun! Dayeuh ku dia moal kasampak. Nu ka sampak ngan ukur tegal
baladaheun. Turunan dia, lolobana bakal jadi somah. Mun aya nu jadi pangkat,
tapi moal boga kakawasaan. Arinyana engké jaga, bakal ka seundeuhan batur. Loba
batur ti nu anggang, tapi batur anu nyusahkeun. Sing waspada!
Sakabéh turunan dia ku ngaing bakal
dilanglang. Tapi, ngan di waktu anu perelu. Ngaing bakal datang deui, nulungan
nu barutuh, mantuan anu sarusah, tapi ngan nu hadé laku-lampahna. Mun ngaing
datang moal kadeuleu; mun ngaing nyarita moal kadéngé. Mémang ngaing bakal
datang. Tapi ngan ka nu rancagé haténa, ka nu weruh di semu anu saéstu, anu ngarti
kana wangi anu sajati jeung nu surti lantip pikirna, nu hadé laku lampahna. Mun
ngaing datang; teu ngarupa teu nyawara, tapi méré céré ku wawangi. Ti mimiti
poé ieu, Pajajaran leungit ti alam hirup. Leungit dayeuhna, leungit nagarana.
Pajajaran moal ninggalkeun tapak, jaba ti ngaran pikeun nu mapay. Sabab bukti
anu kari, bakal réa nu malungkir! Tapi engké jaga bakal aya nu nyoba-nyoba,
supaya anu laleungit kapanggih deui. Nya bisa, ngan mapayna kudu maké amparan.
Tapi anu marapayna loba nu arieu-aing pang pinterna. Mudu arédan heula.
Engké bakal réa nu kapanggih,
sabagian-sabagian. Sabab kaburu dilarang ku nu disebut Raja Panyelang! Aya nu
wani ngoréhan terus terus, teu ngahiding ka panglarang; ngoréhan bari ngalawan,
ngalawan sabari seuri. Nyaéta budak angon; imahna di birit leuwi, pantona batu
satangtungeun, kahieuman ku handeuleum, karimbunan ku hanjuang. Ari ngangonna?
Lain kebo lain embé, lain méong lain banténg, tapi kalakay jeung tutunggul.
Inyana jongjon ngorehan, ngumpulkeun anu kapanggih. Sabagian disumputkeun,
sabab acan wayah ngalalakonkeun. Engke mun geus wayah jeung mangsana, baris
loba nu kabuka jeung raréang ménta dilalakonkeun. Tapi, mudu ngalaman loba
lalakon, anggeus nyorang: undur jaman datang jaman, saban jaman mawa lalakon.
Lilana saban jaman, sarua jeung waktuna nyukma, ngusumah jeung nitis, laju
nitis dipinda sukma.
Daréngékeun! Nu kiwari ngamusuhan
urang, jaradi rajana ngan bakal nepi mangsa: tanah bugel sisi Cibantaeun
dijieun kandang kebo dongkol. Tah di dinya, sanagara bakal jadi sampalan,
sampalan kebo barulé, nu diangon ku jalma jangkung nu tutunjuk di alun-alun. Ti
harita, raja-raja dibelenggu. Kebo bulé nyekel bubuntut, turunan urang narik
waluku, ngan narikna henteu karasa, sabab murah jaman seubeuh hakan.
Ti dinya, waluku ditumpakan kunyuk;
laju turunan urang aya nu lilir, tapi lilirna cara nu kara hudang tina ngimpi.
Ti nu laleungit, tambah loba nu manggihna. Tapi loba nu pahili, aya kabawa nu
lain mudu diala! Turunan urang loba nu hanteu engeuh, yén jaman ganti lalakon !
Ti dinya gehger sanagara. Panto nutup di buburak ku nu ngaranteur pamuka jalan;
tapi jalan nu pasingsal!
Nu tutunjuk nyumput jauh; alun-alun
jadi suwung, kebo bulé kalalabur; laju sampalan nu diranjah monyét! Turunan
urang ngareunah seuri, tapi seuri teu anggeus, sabab kaburu: warung béak ku
monyét, sawah béak ku monyét, leuit béak ku monyét, kebon béak ku monyét, sawah
béak ku monyét, cawéné rareuneuh ku monyét. Sagala-gala diranjah ku monyét.
Turunan urang sieun ku nu niru-niru monyét. Panarat dicekel ku monyet bari diuk
dina bubuntut. Walukuna ditarik ku turunan urang keneh. Loba nu paraeh
kalaparan. ti dinya, turunan urang ngarep-ngarep pelak jagong, sabari
nyanyahoanan maresék caturangga. Hanteu arengeuh, yén jaman geus ganti deui
lalakon.
Laju hawar-hawar, ti tungtung sagara
kalér ngaguruh ngagulugur, galudra megarkeun endog. Génjlong saamparan jagat!
Ari di urang ? Ramé ku nu mangpring. Pangpring sabuluh-buluh gading.
Monyét ngumpul ting rumpuyuk. Laju ngamuk turunan urang; ngamukna teu jeung aturan.
loba nu paraéh teu boga dosa. Puguh musuh, dijieun batur; puguh batur disebut
musuh. Ngadak-ngadak loba nu pangkat nu maréntah cara nu édan, nu bingung
tambah baringung; barudak satepak jaradi bapa. nu ngaramuk tambah rosa;
ngamukna teu ngilik bulu. Nu barodas dibuburak, nu harideung disieuh-sieuh.
Mani sahéng buana urang, sabab nu ngaramuk, henteu beda tina tawon,
dipaléngpéng keuna sayangna. Sanusa dijieun jagal. Tapi, kaburu aya nu nyapih;
nu nyapihna urang sabrang.
Laju ngadeg deui raja, asalna jalma
biasa. Tapi mémang titisan raja. Titisan raja baheula jeung biangna hiji putri
pulo Dewata. da puguh titisan raja; raja anyar hésé apes ku rogahala! Ti
harita, ganti deui jaman. Ganti jaman ganti lakon! Iraha? Hanteu lila, anggeus
témbong bulan ti beurang, disusul kaliwatan ku béntang caang ngagenclang. Di
urut nagara urang, ngadeg deui karajaan. Karajaan di jeroeun karajaan jeung
rajana lain teureuh Pajajaran.
Laju aya deui raja, tapi raja, raja
buta nu ngadegkeun lawang teu beunang dibuka, nangtungkeun panto teu beunang
ditutup; nyieun pancuran di tengah jalan, miara heulang dina caringin, da raja
buta! Lain buta duruwiksa, tapi buta henteu neuleu, buaya eujeung ajag, ucing
garong eujeung monyét ngarowotan somah nu susah. Sakalina aya nu wani
ngageuing; nu diporog mah lain satona, tapi jelema anu ngélingan. Mingkin
hareup mingkin hareup, loba buta nu baruta, naritah deui nyembah berhala. Laju
bubuntut salah nu ngatur, panarat pabeulit dina cacadan; da nu ngawalukuna lain
jalma tukang tani. Nya karuhan: taraté hépé sawaréh, kembang kapas hapa buahna;
buah paré loba nu teu asup kana aseupan............................. Da
bonganan, nu ngebonna tukang barohong; nu tanina ngan wungkul jangji; nu
palinter loba teuing, ngan pinterna kabalinger.
Ti dinya datang budak janggotan.
Datangna sajamang hideung bari nyorén kanéron butut, ngageuingkeun nu keur
sasar, ngélingan nu keur paroho. Tapi henteu diwararo! Da pinterna kabalinger,
hayang meunang sorangan. Arinyana teu areungeuh, langit anggeus semu beureum,
haseup ngebul tina pirunan. Boro-boro dék ngawaro, malah budak nu janggotan, ku
arinyana ditéwak diasupkeun ka pangbérokan. Laju arinyana ngawut-ngawut dapur
batur, majarkeun néangan musuh; padahal arinyana nyiar-nyiar pimusuheun.
Sing waspada! Sabab engké arinyana,
bakal nyaram Pajajaran didongéngkeun. Sabab sarieuneun kanyahoan, saenyana
arinyana anu jadi gara-gara sagala jadi dangdarat. Buta-buta nu baruta; mingkin
hareup mingkin bedegong, ngaleuwihan kebo bulé. Arinyana teu nyaraho, jaman
manusa dikawasaan ku sato!
Jayana buta-buta, hanteu pati lila;
tapi, bongan kacarida teuing nyangsara ka somah anu pada ngarep-ngarep caringin
reuntas di alun-alun. Buta bakal jaradi wadal, wadal pamolahna sorangan. Iraha
mangsana? Engké, mun geus témbong budak angon! Ti dinya loba nu ribut, ti dapur
laju salembur, ti lembur jadi sanagara! Nu barodo jaradi gélo marantuan nu
garelut, dikokolotan ku budak buncireung! Matakna garelut? Marebutkeun warisan.
Nu hawek hayang loba; nu boga hak marénta bagianana. Ngan nu aréling caricing.
Arinyana mah ngalalajoan. Tapi kabarérang.
Nu garelut laju rareureuh; laju
kakara arengeuh; kabéh gé taya nu meunang bagian. Sabab warisan sakabéh béak,
béakna ku nu nyarekel gadéan. Buta-buta laju nyarusup, nu garelut jadi
kareueung, sarieuneun ditempuhkeun leungitna nagara. Laju naréangan budak
angon, nu saungna di birit leuwi nu pantona batu satangtung, nu dihateup ku
handeuleum ditihangan ku hanjuang. Naréanganana budak tumbal. sejana dék
marénta tumbal. Tapi, budak angon enggeus euweuh, geus narindak babarengan
jeung budak anu janggotan; geus mariang pindah ngababakan, parindah ka Lebak
Cawéné!
Nu kasampak ngan kari gagak, keur
ngelak dina tutunggul. Daréngékeun! Jaman bakal ganti deui. tapi engké, lamun
Gunung Gedé anggeus bitu, disusul ku tujuh gunung. Génjlong deui sajajagat.
Urang Sunda disarambat; urang Sunda ngahampura. Hadé deui sakabéhanana.
Sanagara sahiji deui. Nusa Jaya, jaya deui; sabab ngadeg ratu adil; ratu adil
nu sajati.
Tapi ratu saha? Ti mana asalna éta
ratu? Engké ogé dia nyaraho. Ayeuna mah, siar ku dia éta budak angon!
Jig geura narindak! Tapi, ulah
ngalieuk ka tukang!
Terjemahan bebas Uga Wangsit
Siliwangi.
Prabu
Siliwangi berpesan pada warga Pajajaran yang ikut mundur pada waktu beliau
sebelum menghilang :
“Perjalanan kita hanya sampai disini hari ini, walaupun kalian semua setia padaku! Tapi aku tidak boleh membawa kalian dalam masalah ini, membuat kalian susah, ikut merasakan miskin dan lapar. Kalian boleh memilih untuk hidup kedepan nanti, agar besok lusa, kalian hidup senang kaya raya dan bisa mendirikan lagi Pajajaran! Bukan Pajajaran saat ini tapi Pajajaran yang baru yang berdiri oleh perjalanan waktu! Pilih! aku tidak akan melarang, sebab untukku, tidak pantas jadi raja yang rakyatnya lapar dan miskin.”
“Perjalanan kita hanya sampai disini hari ini, walaupun kalian semua setia padaku! Tapi aku tidak boleh membawa kalian dalam masalah ini, membuat kalian susah, ikut merasakan miskin dan lapar. Kalian boleh memilih untuk hidup kedepan nanti, agar besok lusa, kalian hidup senang kaya raya dan bisa mendirikan lagi Pajajaran! Bukan Pajajaran saat ini tapi Pajajaran yang baru yang berdiri oleh perjalanan waktu! Pilih! aku tidak akan melarang, sebab untukku, tidak pantas jadi raja yang rakyatnya lapar dan miskin.”
Dengarkan!
Yang ingin tetap ikut denganku, cepat memisahkan diri ke selatan! Yang ingin
kembali lagi ke kota yang ditinggalkan, cepat memisahkan diri ke utara! Yang
ingin berbakti kepada raja yang sedang berkuasa, cepat memisahkan diri ke
timur! Yang tidak ingin ikut siapa-siapa, cepat memisahkan diri ke barat!
Dengarkan!
Kalian yang di timur harus tahu: Kekuasaan akan turut dengan kalian! dan
keturunan kalian nanti yang akan memerintah saudara kalian dan orang lain. Tapi
kalian harus ingat, nanti mereka akan memerintah dengan semena-mena. Akan ada
pembalasan untuk semua itu. Silahkan pergi!
Kalian yang
di sebelah barat! Carilah oleh kalian Ki Santang! Sebab nanti, keturunan kalian
yang akan mengingatkan saudara kalian dan orang lain. Ke saudara sedaerah, ke
saudara yang datang sependirian dan semua yang baik hatinya. Suatu saat nanti,
apabila tengah malam, dari gunung Halimun terdengar suara minta tolong, nah itu
adalah tandanya. Semua keturunan kalian dipanggil oleh yang mau menikah di
Lebak Cawéné. Jangan sampai berlebihan, sebab nanti telaga akan banjir!
Silahkan pergi! Ingat! Jangan menoleh kebelakang!
Kalian yang
di sebelah utara! Dengarkan! Kota takkan pernah kalian datangi, yang kalian
temui hanya padang yang perlu diolah. Keturunan kalian, kebanyakan akan menjadi
rakyat biasa. Adapun yang menjadi penguasa tetap tidak mempunyai kekuasaan.
Suatu hari nanti akan kedatangan tamu, banyak tamu dari jauh, tapi tamu yang
menyusahkan. Waspadalah!
Semua
keturunan kalian akan aku kunjungi, tapi hanya pada waktu tertentu dan saat
diperlukan. Aku akan datang lagi, menolong yang perlu, membantu yang susah,
tapi hanya mereka yang bagus perangainya. Apabila aku datang takkan terlihat;
apabila aku berbicara takkan terdengar. Memang aku akan datang tapi hanya untuk
mereka yang baik hatinya, mereka yang mengerti dan satu tujuan, yang mengerti
tentang harum sejati juga mempunyai jalan pikiran yang lurus dan bagus tingkah
lakunya. Ketika aku datang, tidak berupa dan bersuara tapi memberi ciri dengan
wewangian. Semenjak hari ini, Pajajaran hilang dari alam nyata. Hilang kotanya,
hilang negaranya. Pajajaran tidak akan meninggalkan jejak, selain nama untuk
mereka yang berusaha menelusuri. Sebab bukti yang ada akan banyak yang menolak!
Tapi suatu saat akan ada yang mencoba, supaya yang hilang bisa diteemukan
kembali. Bisa saja, hanya menelusurinya harus memakai dasar. Tapi yang
menelusurinya banyak yang sok pintar dan sombong. dan bahkan berlebihan kalau
bicara.
Suatu saat
nanti akan banyak hal yang ditemui, sebagian-sebagian. Sebab terlanjur dilarang
oleh Pemimpin Pengganti! Ada yang berani menelusuri terus menerus, tidak
mengindahkan larangan, mencari sambil melawan, melawan sambil tertawa. Dialah
Anak Gembala. Rumahnya di belakang sungai, pintunya setinggi batu, tertutupi
pohon handeuleum dan hanjuang. Apa yang dia gembalakan? Bukan kerbau bukan
domba, bukan pula harimau ataupun banteng. Tetapi ranting daun kering dan sisa
potongan pohon. Dia terus mencari, mengumpulkan semua yang dia temui. Tapi akan
menemui banyak sejarah/kejadian, selesai jaman yang satu datang lagi satu jaman
yang jadi sejarah/kejadian baru, setiap jaman membuat sejarah. setiap waktu
akan berulang itu dan itu lagi.
Dengarkan!
yang saat ini memusuhi kita, akan berkuasa hanya untuk sementara waktu.
Tanahnya kering padahal di pinggir sungai Cibantaeun dijadikan kandang kerbau
kosong. Nah di situlah, sebuah nagara akan pecah, pecah oleh kerbau bule, yang
digembalakan oleh orang yang tinggi dan memerintah di pusat kota. semenjak itu,
raja-raja dibelenggu. Kerbau bule memegang kendali, dan keturunan kita hanya
jadi orang suruhan. Tapi kendali itu tak terasa sebab semuanya serba dipenuhi
dan murah serta banyak pilihan.
Semenjak
itu, pekerjaan dikuasai monyet. Suatu saat nanti keturunan kita akan ada yang
sadar, tapi sadar seperti terbangun dari mimpi. Dari yang hilang dulu semakin
banyak yang terbongkar. Tapi banyak yang tertukar sejarahnya, banyak yang
dicuri bahkan dijual! Keturunan kita banyak yang tidak tahu, bahwa jaman sudah
berganti! Pada saat itu geger di seluruh negara. Pintu dihancurkan oleh mereka
para pemimpin, tapi pemimpin yang salah arah!
Yang
memerintah bersembunyi, pusat kota kosong, kerbau bule kabur. Negara pecahan
diserbu monyet! Keturunan kita enak tertawa, tapi tertawa yang terpotong, sebab
ternyata, pasar habis oleh penyakit, sawah habis oleh penyakit, tempat padi
habis oleh penyakit, kebun habis oleh penyakit, perempuan hamil oleh penyakit.
Semuanya diserbu oleh penyakit. Keturunan kita takut oleh segala yang berbau
penyakit. Semua alat digunakan untuk menyembuhkan penyakit sebab sudah semakin
parah. Yang mengerjakannya masih bangsa sendiri. Banyak yang mati kelaparan.
Semenjak itu keturunan kita banyak yang berharap bisa bercocok tanam sambil sok
tahu membuka lahan. mereka tidak sadar bahwa jaman sudah berganti cerita lagi.
Lalu
sayup-sayup dari ujung laut utara terdengar gemuruh, burung menetaskan telur.
Riuh seluruh bumi! Sementara di sini? Ramai oleh perang, saling menindas antar
sesama. Penyakit bermunculan di sana-sini. Lalu keturunan kita mengamuk.
Mengamuk tanpa aturan. Banyak yang mati tanpa dosa, jelas-jelas musuh dijadikan
teman, yang jelas-jelas teman dijadikan musuh. Mendadak banyak pemimpin dengan
caranya sendiri. Yang bingung semakin bingung. Banyak anak kecil sudah menjadi
bapa. Yang mengamuk tambah berkuasa, mengamuk tanpa pandang bulu. Yang Putih
dihancurkan, yang Hitam diusir. Kepulauan ini semakin kacau, sebab banyak yang
mengamuk, tidak beda dengan tawon, hanya karena dirusak sarangnya. seluruh nusa
dihancurkan dan dikejar. Tetapi…ada yang menghentikan, yang menghentikan adalah
orang sebrang.
Lalu berdiri
lagi penguasa yang berasal dari orang biasa. Tapi memang keturunan penguasa
dahulu kala dan ibunya adalah seorang putri Pulau Dewata. Karena jelas
keturunan penguasa, penguasa baru susah dianiaya! Semenjak itu berganti lagi
jaman. Ganti jaman ganti cerita! Kapan? Tidak lama, setelah bulan muncul di
siang hari, disusul oleh lewatnya komet yang terang benderang. Di bekas negara
kita, berdiri lagi sebuah negara. Negara di dalam negara dan pemimpinnya bukan
keturunan Pajajaran.
Lalu akan
ada penguasa, tapi penguasa yang mendirikan benteng yang tidak boleh dibuka,
yang mendirikan pintu yang tidak boleh ditutup, membuat pancuran ditengah
jalan, memelihara elang dipohon beringin. Memang penguasa buta! Bukan buta
pemaksa, tetapi buta tidak melihat, segala penyakit dan penderitaan, penjahat
juga pencuri menggerogoti rakyat yang sudah susah. Sekalinya ada yang
berani mengingatkan, yang diburu bukanlah penderitaan itu semua tetapi orang
yang mengingatkannya. Semakin maju semakin banyak penguasa yang buta tuli.
memerintah sambil menyembah berhala. Lalu anak-anak muda salah pergaulan,
aturan hanya menjadi bahan omongan, karena yang membuatnya bukan orang yang mengerti
aturan itu sendiri. Wajar saja bila kolam semuanya mengering, pertanian
semuanya puso, bulir padi banyak yang diselewengkan, sebab yang berjanjinya
banyak tukang bohong, semua diberangus janji-janji belaka, terlalu banyak orang
pintar, tapi pintar kebelinger.
Pada saat
itu datang pemuda berjanggut, datangnya memakai baju serba hitam sambil
menyanding sarung tua. Membangunkan semua yang salah arah, mengingatkan pada
yang lupa, tapi tidak dianggap. Karena pintar kebelinger, maunya menang
sendiri. Mereka tidak sadar, langit sudah memerah, asap mengepul dari perapian.
Alih-alih dianggap, pemuda berjanggut ditangkap dimasukan kepenjara. Lalu
mereka mengacak-ngacak tanah orang lain, beralasan mencari musuh tapi
sebenarnya mereka sengaja membuat permusuhan.
Waspadalah!
sebab mereka nanti akan melarang untuk menceritakan Pajajaran. Sebab takut
ketahuan, bahwa mereka yang jadi gara-gara selama ini. Penguasa yang buta,
semakin hari semakin berkuasa melebihi kerbau bule, mereka tidak sadar jaman
manusia sudah dikuasai oleh kelakuan hewan.
Kekuasaan penguasa buta tidak berlangsung lama, tapi karena sudah kelewatan menyengsarakan rakyat yang sudah berharap agar ada mukjizat datang untuk mereka. Penguasa itu akan menjadi tumbal, tumbal untuk perbuatannya sendiri, kapan waktunya? Nanti, saat munculnya anak gembala! di situ akan banyak huru-hara, yang bermula di satu daerah semakin lama semakin besar meluas di seluruh negara. yang tidak tahu menjadi gila dan ikut-ikutan menyerobot dan bertengkar. Dipimpin oleh pemuda gendut! Sebabnya bertengkar? Memperebutkan tanah. Yang sudah punya ingin lebih, yang berhak meminta bagiannya. Hanya yang sadar pada diam, mereka hanya menonton tapi tetap terbawa-bawa.
Kekuasaan penguasa buta tidak berlangsung lama, tapi karena sudah kelewatan menyengsarakan rakyat yang sudah berharap agar ada mukjizat datang untuk mereka. Penguasa itu akan menjadi tumbal, tumbal untuk perbuatannya sendiri, kapan waktunya? Nanti, saat munculnya anak gembala! di situ akan banyak huru-hara, yang bermula di satu daerah semakin lama semakin besar meluas di seluruh negara. yang tidak tahu menjadi gila dan ikut-ikutan menyerobot dan bertengkar. Dipimpin oleh pemuda gendut! Sebabnya bertengkar? Memperebutkan tanah. Yang sudah punya ingin lebih, yang berhak meminta bagiannya. Hanya yang sadar pada diam, mereka hanya menonton tapi tetap terbawa-bawa.
Yang
bertengkar lalu terdiam dan sadar ternyata mereka memperebutkan pepesan kosong,
sebab tanah sudah habis oleh mereka yang punya uang. Para penguasa lalu
menyusup, yang bertengkar ketakutan, ketakutan kehilangan negara, lalu mereka
mencari anak gembala, yang rumahnya di ujung sungai yang pintunya setinggi
batu, yang rimbun oleh pohon handeuleum dan hanjuang. Semua mencari tumbal,
tapi pemuda gembala sudah tidak ada, sudah pergi bersama pemuda berjanggut,
pergi membuka lahan baru di Lebak Cawéné!
Yang ditemui
hanya gagak yang berkoar di dahan mati. Dengarkan! jaman akan berganti lagi,
tapi nanti, Setelah Gunung Gede meletus, disusul oleh tujuh gunung. Ribut lagi
seluruh bumi. Orang sunda dipanggil-panggil, orang sunda memaafkan. Baik lagi
semuanya. Negara bersatu kembali. Nusa jaya lagi, sebab berdiri ratu adil, ratu
adil yang sejati.
Tapi ratu
siapa? darimana asalnya sang ratu? Nanti juga kalian akan tahu. Sekarang, cari
oleh kalian pemuda gembala.
Silahkan
pergi, ingat jangan menoleh kebelakang!
Sumber:
http://wikisource.org/wiki/Uga_Wangsit_Siliwangi
Sumber:
http://wikisource.org/wiki/Uga_Wangsit_Siliwangi
Tidak ada komentar:
Posting Komentar