Minggu, 06 November 2011

Naskah - Bujangga Manik: Prabu Jaya Pakuan (7)

Saturun ti na jong tutup,
diri aing ti parahu.
Sacu(n)duk ka Gunung Raung,
ka lurah Talaga Wurung.
(Setelah turun dari jung,
 aku meninggalkan perahu.
Setiba di Gunung Raung,
[pergi] ke wilayah Talaga Wurung.)

Samu(ng)kur aing ti inya,
sacu(n)duk aing ka Baru.
Eta na lurah kategan.
(Setelah berangkat dari tempat itu,
aku tiba di Baru.
Itu wilayah para biara.)

Sadiri aing ti inya,
ngalalar ka Padang Alun,
cu(n)duk ka Gunung Watangan,
nu awas ka Nusa Barong.
(Setelah pergi dari tempat itu,
berjalan melewati Padang Alun,
sampai di Gunung Watangan,
yang menghadap Pulau Barong.)

Samu(ng)kur aing ti inya,
datang aing ka Sarampon.
(Setelah pergi dari sana,
aku datang ke Sarampon.)

Sacu(n)duk aing ka Cakru,
sadiri aing / ti inya,      /19r/
leu(m)pang aing maratngidul,
datang ka lurah Kenep,
cu(n)duk ka Lamajang Kidul,
ngalalar ka Gunung Hiang,
datang a(ing) ka Padra.
(Setelah aku tiba di Cakru,
beranjak dari tempat itu,
aku berjalan ke baratdaya,
pergi ke wilayah Kenep,
tiba di Lamajang Kidul,
melewati Gunung Hiang,
datang ke Padra.)

La(m)bung Gunung Mahameru
disorang kiduleunana.
(Lereng Gunung Mahameru,
aku lewati dari sisi selatan.)

Sadatang ka Ranobawa,
ngalalar ka Kayu Taji.
(Setelah datang ke Ranobawa,
berjalan melewati Kayu Taji.)

Samu(ng)kur aing ti inya,
sacu(n)duk aing ka Kukub,
datang aing ka Kasturi,
cu(n)duk ka Sagara Dalem,
ngalalar ka Kagenengan,
sumengka ka Gunung Kawi,
disorang kiduleunana.
(Setelah berangkat dari sana,
tibalah aku di Kukub,
aku pergi ke Kasturi,
tiba di Sagara Dalem,
berjalan melalui Kagenengan,
mendaki Gunung Kawi,
yang kulewati dari sisi selatan.)

Sadatang ka Pamijahan,
leu(m)pang aing ka baratkeun,
ngalalar ka Gunung Anyar,
cu(n)duk aing ka Daliring.
(Setiba ke Pamijahan,
aku berjalan ke arah barat,
melewati Gunung Anyar,
tibalah aku di Daliring.)

Sadatang ka Gunung Ka(m)pud,
datang ka Rabut Pasajen.
Eta hulu Rabut Palah,
kabuyutan Majapahit,
nu dise(m)bah ku na Jawa.
(Sesampai di Gunung Kampud,
aku datang ke Rabut Pasajen.
Tempat ini dataran tinggi Rabut Palah,
tempat suci Majapahit,
yang dimuliakan oleh orang Jawa.)

Maca (a)ing Darmaweya,
pahi deung Pa(n)dawa Jaya.
Ti inya lunasing jobrah,
aing bisa carek Jawa,
bisa / aing ngaro basa. /19v/
(Aku membaca Darmaweya,
juga Pandawa Jaya.
Setelah itu keingintahuanku terpuaskan,
aku dapat bicara bahasa Jawa,
juga mampu menerjemahkannya.)

Di inya aing teu heubeui,
satahun deung sataraban.
(Di sana aku tidak tinggal terlalu lama,
selama satu tahun lebih.)

Ha(n)teu betah kage(n)teran,
datang nu puja ngancana,
nu nye(m)bah ha(n)teu pegatna,
nu ngideran ti nagara.
(Aku tidak tahan suara yang terus bunyi,
yang datang untuk beribadah dan mempersembahkan emas,
yang beribadah tanpa henti,
berkelana di sekitar ibukota.)

Leu(m)pang aing marat ngidul,
nepi aing ka Waliring,
ngalalaring ka Polaman,
datang aing ka Balitar,
meu(n)tas [aing] di Cironabaya,
ngalalar ka Pasepahan,
ka Luka ka Saput Talun.
(Berjalanlah aku ke baratdaya,
aku sampai di Waliring,
berjalan melewati Polaman,
tiba ke Blitar,
menyeberangi Sungai Cironabaya,
melewati Pasepahan,
ke Luka, ke Saput Talun.)

Sadatang ka Pajadangan, [ms. abrat]
ngalalar[ing] ka Kalang Abrit.
(Setiba di Pajadangan,
aku berjalan ke Kalang Abit.)

Sacu(n)duk ka Pasugihan,
di pipirna Gunung Wilis,
ku ngaing tebeh kidulna,
datang aing ka Dawuhan,
ngalalar ka Gunung Lawu,
inya na lurah Urawan.
(Setiba di Pasugihan,
di lereng Gunung Wilis,
pergi ke arah selatan,
aku berangkat ke Dawuhan,
melewati Gunung Lawu,
yang merupakan wilayah Urawan.)

Samu(ng)kur aing ti inya,
leu(m)pang aing marat ngidul,
ngalalar ka Pamanikan.
(Setelah aku berangkat dari daerah itu,
aku berjalan ke baratdaya,
melewati Pamanikan.)

Sadatang ka Sida Lepas,
nya(ng)landeuh aing ka Oyong.
(Sedatang ke Sida Lepas,
aku turun ke Oyong.)

Samu(ng)kur aing ti inya,
datang aing ka Ca(m)paga/n, /20r/,
ngalalar ka Pamaguhan.
Sacu(n)duk aing ka Pahul,
samu(ng)kur aing ti inya/
datang (a)ing ka Caturan.
(Sepeninggal dari sana,
aku pergi ke Campagan,
melewati Pamaguhan.
Setiba aku di Pahul,
berangkat dari tempat itu,
aku datang ke Caturan.)

Sacu(n)duk aing ka Roma,
meu(n)tasing di Ciwuluyu,
inya na lurah Bobodo,
ngalalar aing ka Taji,
nepi ka Gunung Marapi,
disorang kiduleunana,
cu(n)duk aing ka Janawi,
eta lurah dewaguru.
(Setiba aku di Roma,
menyeberangi Sungai Ciwaluyu,
yang merupakan wilayah Bobodo,
berjalan melewati Taji,
sampai ke Gunung Merapi,
yang kulewati pada sisi selatan,
dan tiba di Janawi,
yang merupakan wilayah dewaguru.)

Leu(m)pang aing marat ngidul.
Sanepi aing ka Wedi,
ngalalar ka Singhapura.
(Aku berjalan ke baratdaya.
Sesampaiku di Wedi,
pergi melewati Singapura.)

Sadatang aing ka Maram,
meu(n)tas aing di Ciberang,
datang ka lurah Paguhan,
ngalalar ka Kahuripan,
ka gedengna Rabut Beser,
meu(n)tas di Ciloh-Paraga.
(Sedatang aku ke Maram,
aku menyeberangi Sungai Ciberang,
datang ke wilayah Paguhan,
berjalan melewati Kahuripan,
di sisi Rabut Beser,
menyeberangi Sungai Ciloh-Paraga.)

Sanepi aing ka Pahit,
sadatang ka Taal Pegat,
nepi aing ka Kulisi,
meu(n)tas di Ciwatukura,
ngalalar ka Pakuwukan.
(Sesampai aku di Pahit,
dan tiba di Taal Pegat,
aku sampai di Kulisi,
menyeberangi Sungai Ciwakutura,
berjalan melewati Pakuwukan.)

Sacu(n)duk ka lurah Danuh,
datang aing ka Lanabang,
ka Jawarah [ka] Tadah Haji,
ka Tarungtung / ka Walakung./20v/
(Setiba di wilayah Danuh,
aku pergi ke Lanabang,
ke Jawarah, Tadah Haji,
Taruntung, Walakung.)

Sadatang(ing?) ka Kalangan,
sanepi ka Pamarisan,
datang aing ka Ta(m)bangan,
meu(n)tas aing di Cilohku,
na(n)jak ka Gunung Sangkuan,
datanging ka (A)dipala,
leu(m)pang (aing) ka baratkeun,
datang aing ka Sawangan,
ka muhara Cisarayu.
(Setiba ke Kalangan,
sampai di Pamarisan,
aku pergi ke Tambangan,
aku menyeberangi Sungai Cilohku,
mendaki Gunung Sangkuan,
aku pergi ke Adipala,
aku berjalan ke barat,
aku sampai di Sawangan,
ke muara Sungai Cisarayu.)

Ku ngaing geus kaleu(m)pangan,
datang ka Ma(n)dala Ayah,
leu(m)pang aing turut pasir,
datang ka Pala Buaja.
mu(ng)kur ti Tegal Popoken.
(Telah kulewati daerah itu,
aku pergi ke Mandala Ayah,
berjalan di sepanjang bukit,
pergi ke Pala Buaja,
meninggalkan Tegal Popoken di belakangku.)

Sadatang ka Karang Siling,
meu(n)tas di Cipaterangan.
(Setiba di Karang Siling,
menyeberangi Sungai Cipaterangan.)

Sadatang aing ka Mambeng,
cu(n)duk ka Dona Kalicung,
gedeng alas Nusahe,
meu(n)tas di Sagara Anak(an),
ngalalar ka Batu Lawang,
di pipirna batu tulis,
karang tu(ng)gul karangbajra.
(Setelah tiba di Mambeng,
sampai ke Dona Kalicung,
di sisi wilayah kekuasan Nusahe,
menyeberangi Sagara Anakan,
berjalan melewati Batu Lawang,
di sisinya batu tulis,
batuan kasar, batuan tajam.)

Sacu(n)duk aing ka Bakur,
ka muhara Cita(n)duyan,
ku ngaing geus kaleu(m)pangan,
datang aing ka Cimedang,
meu(n)tas di Cikutrapi(ng)gan,
cu(n)duk aing ka Pana(n)jung,
ka gedeng Nusa / Wuluhen, /21r/
meu(n)tas aing di Ciwulan,
banyating di Ciloh-Alit,
na muhara Pasuketan,
ta(ng)geran na Hujung Pusus.
(Setiba aku di Bakur,
di muara Sungai Citanduyan,
telahku laluinya,
aku pergi ke Cimedang,
menyeberangi Sungai Cikutrapinggan,
tibalah aku di Pananjung,
berikutnya ke Pulau Wuluhen,
menyeberangi Sungai Ciwulan,
pergi ke Ciloh Alit,
di muara Sungai Pasuketan,
pusat Hujung Pusus.)

Ku ngaing geus kaleu(m)pangan,
ka to(ng)go(ng)na Gunung Co(n)dong,
di pipi(r) Gunung Parasi,
ku ngaing tebeh kidulna.
(Olehku telah terlewati,
ke balik Gunung Condong,
di sisi Gunung Parasi,
aku berjalan ke arah selatan.)

Sacu(n)duk ka Hujung Galuh,
ngalalar ka Geger Gadung,
meu(n)tas aing di Ciwulan,
leu(m)pang aing marat ngaler.
(Sesampai di Hujung Galuh
melewari Geger Gadung
aku menyeberangi Sungai Ciliwung
berjalan terus ke utara)

Sadatang ka Saung Galah,
[ms. S. Agung]
sadiri aing ti inya,
Saung Galah kaleu(m)pangan,
kapungkur Gunung Galunggung,
katukang na Panggarangan,
ngalalar na Pada Beunghar,
katukang na Pamipiran.
(Sesampai di Saung Galah
berangkatlah aku dari sana
ditelusuri Saung Galah
Gunung Galunggung di belakang saya
melewati Panggarangan
melalui Pada Beunghar
Pamipiran ada di belakangku.)

Ngalalar ka Ti(m)bang Jaya,
datang ka Bukit Cikuray,
nyangla(n)deuh aing ti inya,
datang ka Mandala Puntang.
(Berjalan melewati Timbang Jaya,
pergi ke Gunung Cikuray,
seturunku dari sana,
pergi ke Mandala Puntang.)

Tidak ada komentar:

Posting Komentar